Friday, March 20, 2009

Mumpung aya tempat jang 'nyampah', ha ha ha.. Ayeuna kuring ek nulis sakahayang sakarep maneh. Duh bahasa! :P Bae da ngarana ge sakahayang, ek nyobaan posting (duh sunda kasarna naon nya? nulis we nya! heup tong protes!) nulis di dieu pake bahasa sunda. Uhuy! asa di lembur sorangan euy! :P

Isuk pageto, cak nincak umur kuring nu ka 24 na. Duh Geus teu ngora deui geuning. Fuh fuh fuh.. Kudu geus geura mikir, ek dibawa kaman ieu hirup. [salami ieu kaman wae atuh jang, kamalinaan ulin di dunya teh. hiks...]

Tah, dina mangsa ngarobah sikep jeung manjegkeun tujuan hirup, cik naon wae dipikahayang dina tahun-tahun kaharepna. Cik urang tenjo ayeuna, naon wae anu dipikahayang teh, diantaran nyaeta:
  1. Hayang bageur, cageur, pinter tur bener. [matakna kudu usaha atuh jang! ibadah tong poho. siplah!];
  2. Hayang boga komputer anyar, kusabab laptop lawas geus rusak. [nu bisa ngabulkeun diangkat jadi kabogoh salama satahun lah. Ha ha ha... Dijamin moal aya nu daek da! wkwkwk...];
  3. Hayang sehat [Duh, general check up 'pamariksaan umum' can kacumponan wae euy!];
  4. Hayang nonton film si Radit [Tiket Gratisan teu kabagean];
  5. Hayang meunang lomba blog sakola ka walanda, summer class salami dua minggu ceunah [lumayan mun meunang teh, bisa jalan-jalan gratis. tapi ari nulis blogna ge acan. jah si akang mah kumaha ek meunang!];
  6. Hayang sapatu bodas anu butut tapi bisa keneh dipake [sok era ari make sapatu anyar teh, matakna milih nu butu, tapi anyar. bingungkan? he he he];
  7. Hayang meuli baju anyar nu warnana lain bodas jeung lain hideung oge [Bosen make baju bodas wae. he he he....]
  8. Hayang sagala we lah... Lieur geuning ari ditataan hiji-hiji mah, kahayangna loba teuing! Fuh...
Geus heula we nya, eta tah kahayang jeung sakahayangna si urang teh, sakarepna nulisna ge. Hampuranya mun teu ngarti, da kuring ge teu ngarti bener ieu nu ditulis, ha ha ha... Maklum keur lieur ieu teh, teu bisa sare, jeung lieur mikiran manajemen proyek nu tadi siang. Hampuranya nulisna sakahayang... Ngarana ge nyampah! Nya sakahayang atuuuuh...

1 comments:

Anonymous said...

aamiiin...
sing kacumponan nya jang!